Saadat Padjadjaran
Ashadu sahadat islam,
Sarsilah gusti panutan,
Panut pangkon pangandika,
Kanjeng gusti rosul,
Anembah guru,
Anembah ratu,
Anembah telekon agama islam,
Syeh haji kuncung putih,
Kian santang
kan lumejang,
Kudrat yaa insun qursy Allah,



Susuci
Sri suci tunggal sabangsa,
Banyu suci tungggal sabangsa,
Geni suci tunggal sabangsa,
Braja suci tunggal sabangsa,
Suka suci mulya badan sampurna,
Sampurna kersaning allah ta'ala,
Lailahaillallah Muhammadarrasulullah.

Translate

Sabtu, 12 Maret 2011

Wasiat Prabu Sanghyang Borosngora

gunung teu beunang dilebur
lebak teu beunang diruksak
larangan teu beunang dirempak
buyut teu beunang diobah
lojor teu beunang dipotong
pondok teu beunang disambung
nyaur kudu diukur
nyabdana kudu diundang
ulah ngomong sagete–gete
ulah lemek sadaek-daek
ulah maling papayungan
ulah zinah papacangan
kudu ngadek sacekna
kudu nilas saplasna
mipit kudu amit
ngala kudu menta
ngeduk cikur kudu mihatur
nyokel jahe kudu micarek
ngagedag kudu bewara
weduk teu kalawan diajug
bedas teu kalawan dimomotan
nu lain kudu dilainkeun
nu ulah kudu diulahkeun
nu enya kudu dienyakeun
ulah cueut kanu beureum
ulah ponteng kanu koneng
karana lamun dirempak
matak burung jadi ratu
matak edan jadi menak
matak pupul pangaweruh
matak hambar komara
matak teu mahi juritna
matak teu jaya perangna
matak sangar ka nagara

3 komentar:

  1. pokona mah nu pondok teu meunang di sambung we lah....
    hahahahahha

    BalasHapus
  2. karana lamun dirempak
    matak burung jadi ratu
    matak edan jadi menak
    matak pupul pangaweruh
    matak hambar komara
    matak teu mahi juritna
    matak teu jaya perangna
    matak sangar ka nagara
    nyata pisan ayeuna jaman burung geus jadi ratu, kaayaan nagara bet pinuh ku rariweh, iraha nya budak angon ngaruntag keun jaman burung

    BalasHapus